Si Kabayan kajongjonan ngusep di walungan nepi ka meh sareupna. Manehna cinutrung na batu leah, panasaran ti isuk jedur nepi ka magrib jeder eupanna tacan dilamot ku lauk hiji-hiji acan. Boro aya nu ngerenyed, bakat ku lila teu disenggol lauk nepi ka lancah oge calutak nyieun ramat na kenur jeung jeujeurna. “Cucungah siah lancah, ngaledek aing,” gerentes Kabayan. Lajengkeun maos
Jalma Owah Nu Nipu Jalma Waras
Di dunya ieu, moal aya kasebutna jalma waras ngadon nipu jalwa owah atawa jalma kurang saeundan (nu gelo). Inggis disebut sarua gelona tuda mun jalma waras nipu ka jalma teu waras mah. Tapi nu kabaca ku kuring di internet, nyaeta na Kompas.com nu midang Minggu, 6 Oktober 2013 nu anyar kaliwat, manahoreng aya oge jalma owah nu sukses nipu jalma waras. Lain ngan ukur saurang nu katipuna, tapi bisa disebut balarea. Kumaha eta kajadian teh? Kieu caritana… Lajengkeun maos
Geuning Bunda Teu Dikurudung Waktos SMA?
Teuing pangaruh vitamin atawa memang jaman geus robah, geuning budak kiwari mah kacida kritis pipikiranana. Ari ngabalikkeun omongan kolot teh sok asal saucap-ucapna wae, ceplak pahang mun keuna di kolot tea mah. Tapi kulantaran nu boga polahna pun anak nu awewe, nyaeta Gadis tea, teu wudu kuring kudu bisa asak-asak nahan piseurian. Kieu caritana… Lajengkeun maos
Beda Budak Awewe Jeung Budak Lalaki
Peupeujeuh, ieu mah lain maksud ngungkit-ngungkit mana nu leuwih aya ajen antara budak awewe jeung budak lalaki. Ari budak mah sarua wae, teu awewe teu lalaki, estu anugrah Mantenna nu taya babandinganana. Kuring ngan sakadar nyutat tina elmu psikolohi, yen cenah budak awewe mah leuwih gancang hideng ti batan budak lalaki dina umur nu sarua. Kuring percaya kana eta hasil panalungtikan teh. Coba geura bandungan pangalaman kuring di handap ieu… Lajengkeun maos
Nyunda Leuwih Hirup Tinimbang Mamalayon
Aya anggepan sawatara nonoman, cenah mah gunem catur nyunda teh kiwari geus taya ajen, katinggaleun kareta api. “Batur geus norowelang nginggeris, hayoh ngadon nyunda… Nya mending ngamalayon wae atuh, kaciri jelema nyakolana!” Beu… deudeuh teuing nanasiban basa indung sorangan, basa Sunda! Lajengkeun maos
Hampura, Anaking…
Ieu mah lain beja lain carita, estuning karandapan ku sorangan. Nu rek dicaritakeun ku kuring kajadian alakadarna, lain kajadian penting, nyaeta hubungan kuring salaku kolot jeung anak kuring, si Gadis.
Gadis teh anak kuring nu kadua, umurna kakara nincak lima taun pareng 1 Januari nu bakal datang. Ari si cikal mah, Kakang, kapanan geus liwat 17 taun ninggang 21 Agustus nu anyar kaliwat. Beu, anggang pisan geuning ti si cikal ka si bungsu teh, meh 11 taun bedana. Alhamdulillah, kuring munajat ka Gusti Allah pareng dipercaya dua titipan ti Mantenna nu kacida gede ajenna. Lajengkeun maos
[Carmi] Pasini Nu Teu Ngajadi
Saperti ilaharna, manehna mah sok daria naker ari panggih jeung kuring teh. Pasemonna bungah siga budak lelengkah halu manggih kaulinan, padahal umur geus nincak opatpuluh. Kasono sasat dikumpulkeun nepi ka kawas ngalembereh mancawura kamana-mana maseuhan hatena. Pareng ari panggih teh pirajeunan sok tungkup-tangkeup sagala, meureun mun taya ka era mah kuring teh geus digalentor di puseur dayeuh nu rame ku balarea. Kitu geuning pamawaan Kang Jaka, bebene kuring. Lajengkeun maos
Anaking Jimat Awaking
Wanci tengah peuting kuring karek nepi ka imah sanggeus rengse ti pagawean. Sopopoena ge da kitu pagawean teh, nepi ka imah tengah peuting ari indit meh paburu-buru jeung jurungkunungna panonpoe. Panto hareup dibuka ku sorangan da saban poe ge mawa konci. Karek ge rek niiskeun kesang, kasampak pun anak nu cikal, si Kakang, keur parea-rea omong jeung indungna. Sigana mah aya pasualan genting antara indung jeung anak teh. Lajengkeun maos
I Don’t Like Monday
Kitu ceuk basasan kiwari. Kuring ceuceub kana poe Senen, ceuk pihartieunana. Ngaranna oge make basa Inggeris, ieu babasan teh tangtu lain pituin babasan Sunda, oge lain babasan Indonesia. Naon atuh hartina ieu kalimah? Jang kasaha tumerap jeung dilarapkeunana? Lajengkeun maos




