Lompat ke isi

Tari Saman

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Tari Saman

Tari Saman nyaéta tarian Suku Gayo anu biasa dipintonkeun nalika ngarayakeun peristiwa-peristiwa penting dina adat.[1] Syair dina tarian Saman maké Bahasa Arab jeung Bahasa Gayo.[1] Salain ti éta tarian ieu dipintonkeun pikeun ngarayakeun kalahiran Nabi Muhammad SAW.[1] Tari Saman di Acéh diadegkeun jeung dimekarkeun ku Syekh Saman, ulama anu asalna ti Gayo di Acéh Tenggara.[1] Tari saman mangrupa salah sahiji média pikeun (dakwah).[2] Tarian ieu ngagambarkeun atikan, agama, sopan santun, kapahlawanan, karempegan jeung duduluran.[2] Lagu jeung syair kalayan bareng jeung pating gumulung, pamaéna ngawengku lalaki anu ngoa kénéh kaayan maké baju adat.[2]

Tari ieu mangrupa bagian penting tina kabudayaan masarakat Gayo di wewengkon éta. Di sisi séjén, masarakat Gayo di Kabupatén Acéh Tengah jeung Kabupatén Bener Meriah anu dina dasarna henteu miboga tradisi Tari Gayo, atawa katurunan Saman. ti Kabupatén Gayo Lues. Ku kituna, upama Tari Saman dipentaskeun di Acéh Tengah atawa Bener Meriah, penari umumna asalna ti masarakat Gayo Gayo Lues anu geus mukim di dua wewengkon éta.[3]

Perkembangan

[édit | édit sumber]

Ti baheula mula Tari Saman geus jadi bagian anu teu bisa dipisahkeun tina kahirupan masarakat Gayo nepika geus mekar ti ngan saukur kabiasaan jadi kabutuhan budaya anu aya dina kahirupan sapopoe. Salah sahiji kagiatan utama dina ieu tradisi nyaéta Saman jalu atawa Saman adu, nyaéta pintonan anu ngahijikeun dua kelompok penari pikeun némbongkeun kamampuh jeung solidaritas maranéhanana. Tradisi ieu masih kénéh dilestarikan sacara turun-tumurun, nepi ka kiwari masih kénéh dilestarikan ku masarakat Gayo. kelestarian Tari Saman. Tapi, di tengah globalisasi nu beuki loba. kuat, Tari Saman terus nyanghareupan rupa-rupa tangtangan anu berpotensi mangaruhan kalestariannya. Ku kituna, salaku salah sahiji tarian tradisional Indonésia, Tari Saman perlu terus dipiara jeung dilestarikan sangkan dijauhkeun tina punah atawa penyimpangan, boh dina wangun penyajianna boh ajén-inajén sarta prinsip-prinsip budaya anu aya di jerona.[3]

Gerakan

[édit | édit sumber]

Tarian saman maké dua unsur gerak anu jadi unsur dasar dina tarian saman nyaéta émprak leungeun jeung dada.[4] Nalika nyebarkeun agama Islam, syeikh saman diajar tarian melayu kuno, satuluyna ngahadirkeun deui ngaliwatan gerak anu dipirig ku syair-syair dakwah islam pikeun ngababarikeun dakwahna.[4] Tarian saman kaasup salah sahiji tarin anu unik, lantaran ngan mintonkeun gerakan anu dasarna émpak, saperti gerak guncang, kirep,lingang, surang-saring.[4]

Ilaharna Tarian saman ngawengu welasan atawa puluhan lalaki, tapi jumlahna kudu ganjil.[4] Pamadegan séjéna ngébréhkeun yén tarian ieu kudu kurang leuwih ti sapuluh urang, kalayan ngawengku dalapan urang nu nari, dua urang nu nanyi.[4] Tapi kamekaran tarian ieu ngeuyeuban kana prakprakanana yén beuki dieu penari tari saman jadi lobaan nepi ka puluhan.[4] Pikeun ngatur gerakana aya saurang pamingpin anu disebut syeikh.[4] Salain ti ngatur gerakan para penaru, Syeikh ogé miboga pancén pikeun nyanyikeun syair-syair lagu saman.[4]

catetan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 Sejarah Tari Saman(Dicutat tanggal 3 Desember 2011)
  2. 1 2 3 TARI SAMAN, SIMBOL KEBERSAMAAN DAN KEKOMPAKAN[tumbu nonaktif] (Dicutat tanggal 3 Desember 2011)
  3. 1 2 https://repositori.kemendikdasmen.go.id/412/1/SAMAN%20Kesenian%20dari%20Tanah%20Gayo%202014.pdf. [tumbu nonaktif]
  4. 1 2 3 4 5 6 7 8 Sejarah, Fungsi dan Makna Tari Saman[tumbu nonaktif](Dicutat tanggal 3 Desember 2011)